Kamari, nonton film “Apa Kata Bahasa Sunda” karya kang Dadan Sutisna teh. Sanajan durasina ngan ukur salapan menit, tapi film teh miboga harti nu jero. Alurna nyaritakeun kaayaan basa Sunda nu geus rek punah, jalaran beuki jarang nu makena. Ras inget kana caritaan Si Ade–budak tatangga kuring nu bungsu, basa ku guruna dibere PR Basa Sunda. “Ah, Ade mah berdo’a mudah-mudahan bahasa Sunda cepat punah. Soalnya kalau nanti Ade udah punya cucu, ‘ntar cucu Ade takut nanya ‘Kek, apa itu artinya giribig?’ ‘Kan Ade gak bisa jawab”.
Saliwat mah obrolan budak teh ngan ukur guguyon jeung pastina oge sakur nungadenge bakal nyeungseurikeun, padahal lamun dilenyepan mah ngabogaan arti nu sejen. Aya benerna obrolan teh. Si Ade geus bisa mikir pikeun generasi nu bakal datang jeung ngarasa boga tanggung jawab pikeun ngawariskeun basa Sunda ka anak incuna engke. Ngan manehna boga masalah dina cara ngawariskeunna.
Si Ade geus boga kayakinan; pasti engke, boh anak atawa incuna bakal tumanya kamanehna ngeunaan basa jeung budaya Sunda. Apan salila ieu oge mun manehna boga PR basa Sunda ti guruna, atawa mun pareng aya nu teu ngarti ngunaan budaya jeung basa Sunda sok pareng tumanya ka aki-na, nu dipercaya leuwih apal basa jeung budaya Sunda manan kolotna sorangan. Kek, Apa itu dudukuy?, pa itu rantang?, apa itu halodo? jeung sajabana. Sedengkeun manehna oge ayeuna ngarasa pareum obor pikeun apal ngeunaan basa Sundana nu sabenerna. Kusabab beuki langka nu makena.
Bahasa Sunda ayeuna mah geus teu pati rea nu make jeung langka nu merhatikeun. Sanajan ku urang Sundana sorangan. Jalaran aya alesan basa Sunda mah teu gaul, gengsi makena, kampungan jeung sajabana. Malah ningan aya, teuing pedah gengsi make basa Sunda atawa hayang disebut gaul, padahal manehna asli urang Sunda. Kakara oge cicing di kota leutik, masih di sabudeureun Jawa Barat, di imahna geus emung jeung anti kana basa Sunda. Basa interaksina sapopoe jeung kulawargana make basa nu lian. Leuheung ieu mah mun bener makena. Apanan dina buktina mah basa Sunda lain, basa Indonesia pijauheun, komo bahasa Ingris. Leres saur Pa Ajip Rosidi, “Basa Sunda aya dina antrian anu rek punah, da urang Sunda arembungeun ngagunakeun basa Sunda. Nu arembungeun nyarita ku basa Sunda beuki rea”. (Cupumanik/2004).
Aya hiji carita nu kungsi kaalaman sorangan ku kuring. Nu sarua pisan ieu kajadian teh kaalaman oge ku Pa Ajip Rosidi nu kungsi dicartiakeun dina Cupumanik. Basa keur pareng keur Expo Pendidikan di Bandung nanyakeun alamat aya ka lima urangna. Barang mimiti mah ka budak ngora, katempo tina jaketna mah mahasiswa salah sahiji universitas tenar di Bandung, ngawalona terus ku Basa Indonesia sanajan terus ditanya deui ku basa Sunda oge. Tuluy nanya teh ka ibu-ibu, jigana mah pagawe negri, sarua ngawalona ku basa Indonesia, jeung kitu satuluyna. Nepi ka opat urangna tumanya, kabeh walonna ku basa Indonesia. Basa geus rek nepi ka tempat Expo, kabeneran di parapatan aya tukang beca. Pas nanyakeun alamat kakara harita pisan aya nu ngawalon make basa Sunda. Naha Mahasiswa jeung ibu-ibu anu tadi pang heulana ditanya nu geus tangtung kungsi nyakola heunteu kersaeun ngawalon ku basa Sunda? Naha basa Sunda dianggap leuwih handap ajenna? Tangtu hese maluruh alesan nu saenya na mah. Jeung ceuk kuring mah jawaban kana eta masalah teh heunteu ngan hiji, tapi rea. Masing-masing miboga alesan jeung heunteu mustahil beda ti nu sejen. Lamun kaayaan basa Sunda terus wae kitu tangtu meureun du’a Si Bungsu bakal kajadian. Basa sunda bakal punah.
Kabehdieukeun kuring ngarasa aneh kunaon basa Sunda teu dipika resep jeung teu dipika cinta ku urang sundana sorangan? Naha jadi batur, nu lain urang sunda malah jajauheun boge getih jeung katurunan sunda nu mikaresep jeung nikareueus basa sunda teh ?. Saperti kamari, basa nganjang ka Cupumanik, ku kang Dadan di wanohkeun ka kang Juliane Mille, Dosen Anthropology di Monas University Australia. Anjeuna geus aya kana genep bulanna di Bandung, keur nalungtik ceramah A.F Gojali (alm). Apan A.F Gojali teh Ustad anu sok ceramah make basa Sunda. Matak pikahemengeun pisan. Kang Juliane nranslitkeun hampir kabeh ceramahna kana basa ingris. Harita aya kana lima kasetna nu geus di translit ku anjeuna. Nyebutna cenah di translitkeun teh jang bahan pembelajaran dwibahasa–bahasa ingris jeung basa sunda– pikeun mahasiswana di Australia. Salut pisan ka kang Juliane. Daek diajar jeung ngajarkeun basa katut kabudayaan sunda. padahal apan jajauheun pisan anjeuna boga getih urang Sunda. Jabana oge ngobrol basa Sundana meni pasih deuih. Komo dina ngalarapkeun undak usuk basana, rarasaan mah kuring oge eleh.
Ayeuna geus waktuna urang Sunda balik deui, balik pikeun mikareueus jeung ngagunakeun deui basa Sunda. Ulah nepika eleh ku batur, ku nu heunteu miboga getih sunda. Gunakeun basa Sunda ana nyarita jeung papada urang Sunda di mana wae tempatna boh di imah atawa riungan urang Sunda.
Dianggit sabada nafakuran langit.
Saprak ngimpi jadi Mahasiswa
Osaka Dakokugo Daigaku
Kantos dimuat di SK Priangan
Ku : Yatun Romdonah Awaliah
Sabtu, 13 September 2008
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar